Carita Sunda

Waluh Emas Sakola

Ku : Nurvina

Dina hiji mangsa aya janda anu geus kolot anu cicing di kampung ngaranna Ema Icoh. sapopoéna Ema Icoh sok sorangan, sabab Ema Icoh teu bogaeun budak, sabenerna mah Ema Icoh téh hayangeun boga budak, améh aya nu ngabantuan gagawé.

Pas ka sorénakeun Ema Icoh indit ka leuweung néangan suluh, geus tengah jalan Ema Icoh panggih jeung buta anu gedé awakna, gedé pisan kawas rektorat. “Héy, manéh rék kamana?” buta nanya. “kuring mah rék néangan suluh kadieu téh, punten ngiring liwat”, Ema Icoh ngajawab. Hahaha “manéh hégaé liwat ngan manéh kudu méré anak jalma keur di didik ku kuring”, ceuk buta. terus Ema Icoh ngajawab “pan Kuring mah teu boga budak, aya ogé anak hayam”.

Tidinya buta gedé méré binih waluh. ceuk si Buta “hey manéh, yeuh ku kuring dibéré binih waluh, pelakeun diharepeun imah, kadé ulah dikolek, tah salila dua minggu manéh bakal meunang budak, ngan inget geus umur genep taun ka kuringkeun deui urang ka sakola keun”.

Saatos dua minggu, éta waluh katingal buahan lebet pisan aya hiji waluh gedé pisan béda jeung ukuran waluh biasana. Ema Icoh terus mawa éta waluh terus dibelah ari pas ditingal téh aya orok geulis pisan, tidinya wéh orok éta dingaranan Waluh Emas.

Éta budak nu ngaranna Walus Emas nu katingalna amis téh geus umur 6 taun, si buta gé geus nagih jangji waé ka Ema Icoh, tapi saméméhna téh aya nu dagang datang ka Imahna jualan peralatan sakola di wadahan dijerona téh aya patlot, panghapus jeung buku. terus tukang dagang téh ngomong kieu : “lamun budak Ema sakola, kadé ulah poho kudu mawa patlot, panghapus jeung buku”.

Sanajan Waluh Emas arék disakolakeun tapi keukeuh Ema Icoh ngarumas jauh ti budakna, atuh da geus 6 taun dibaturan, maénya Ma Icoh sorangan deui. pok na Ema Icoh ka Waluh Emas “ Neng, kadé lamun badé sakola tong hilap ieu wadah candak, dijerona aya patlot, panghapus jeung buku. éta patlot gunana keur nyatet lamun guru nerangkeun téh catet, lamun salah nyatetna gunakeun éta panghapus, nyatetna kadé ulah dina témbok jeung méja tapi dina buku nya!”. ceuk Waluh Emas ngajawab papatah Ema Icoh “ muhun ma doakeun wé nya sing suksés, lamun bérés sukses mah bakal balik deui kadieu ma”.

Si Buta geus kesel nungguan diluar “hayoh buru ulah lila teuing bisi kaburu tutup pendaptaranana”, ahirna Waluh Emas angkat ka kota nu bakal diurus ku Buta, nyiar élmu améh pinter jeung bener.